ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN
”Kajahatan jeung Beuki kana Duit Nyieun Abdi Sangsara”
Lahir Taun: 1974
Nagri Asal: Albania
Kasang Tukang: Maling, ngajual narkoba, pernah dipanjara
KAHIRUPAN ABDI BAHEULA
Abdi lahir ti kulawarga miskin di Tiranë, ibukota Albania. Bapa abdi téh jalma nu jujur jeung getol digawé pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga. Tapi angger wé kulawarga abdi miskin. Abdi sok ngarasa leutik haté Iantaran miskin. Kadang-kadang, nepi ka teu bisa meuli sapatu jeung teu boga cukup dahareun.
Ti ngora kénéh abdi geus maling. Nya sugan wé abdi bisa nyumponan pangabutuh kulawarga. Tungtungna, abdi ditéwak ku pulisi. Taun 1988 basa umur 14 taun, abdi dikirimkeun ka sakola keur budak bangor ku si Bapa. Abdi cicing diditu salila dua taun bari diajar ngelas. Basa kaluar, abdi hayang hirup jujur; tapi, teu meunang pagawéan. Di Albania, loba pisan jalma nu nganggur téh lantaran loba masalah pulitik. Lantaran bingung rék nanaon, abdi panggih deui jeung babaturan nu baheula terus maling deui. Tungtungna, abdi di tewak deui tuluy dihukum panjara tilu taun.
Sanggeus bébas ti panjara, abdi terus ngalakukeun kajahatan. Harita di Albania keur krisis ékonomi, jadi kaayaan nagarana téh kacow. Salila éta, abdi néangan duit ku cara nu ilégal. Waktu ngarampog maké senjata, dua babaturan abdi ditewak, tapi abdi mah kabur ka nagri séjén supaya teu dipanjara. Teu lila, abdi nikah jeung Julinda, terus boga budak lalaki.
Ahirna abdi pindah ka Inggris. Niatna mah hayang ngamimitian hirup nu anyar bareng kulawarga, tapi hésé ngarobah kabiasaan nu heubeul téh. Teu lila abdi ngalakukeun kajahatan deui. Ayeuna mah jual beuli narkoba, tapi dina jumlah nu gedé pisan.
Kumaha parasaan Julinda waktu abdi ngajual narkoba? Kieu cenah ceuk manéhna, ”Salila cicing di Albania téh, abdi ngimpi-ngimpi bisa bébas ti kamiskinan. Jadi abdi nyobaan sagala cara supaya boga loba duit. Abdi mikir, lamun boga loba duit, hirup urang bakal leuwih hadé, jadi abdi ngadukung Artan lamun manéhna ngabohong, maling, jeung ngajual narkoba. Asal urang meunang duit.”
Tina taun 2002, kahirupan kulawarga abdi barobah. Kabéh nu diimpi-impikeun téh sirna. Abdi ditéwak basa mawa narkoba nu jumlahna loba pisan. Tungtungna, abdi asup ka panjara deui.
KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI
Abdi teu sadar, lalaunan Alkitab téh geus ngarobah kahirupan abdi. Saacanna dina taun 2000, Julinda panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa tuluy diajar Alkitab. Abdi mah teu resep ngabahas Alkitab, da matak bosen. Tapi ari Julinda mah resepeun. Julinda ngomong, ”Kulawarga abdi téh taat ibadah, abdi ngahargaan jeung resep kana Alkitab. Ti baheula, abdi hayang ngarti naon nu diajarkeun Alkitab téh, jeung abdi resep pisan bisa bareng diajar jeung Saksi. Loba pangajaran Alkitab nu asup akal. Naon nu diajarkeun téh ngabantu abdi nyieun parobahan dina kahirupan. Tapi tetep wé pandangan abdi kana duit teu barobah, nepi ka ahirna Artan ditéwak. Éta nu ngarobah pandangan abdi. Ahirna, abdi sadar pandangan Alkitab ngeunaan duit téh bener. Urang geus upaya bébéakan supaya beunghar, tapi tetep wé teu bagja. Abdi jadi paham, abdi téh kudu enya-enya nuturkeun papakon Allah.”
Dina taun 2004 abdi bébas ti panjara, tapi abdi masih hayang ngajual narkoba. Tapi, pandangan Julinda geus barobah, omongan manéhna nyieun abdi sadar. Ceuk manéhna, ”Abdi geus embung duit ti manéh deui. Abdi hayang salaki abdi balik, jeung jadi bapa keur barudak abdi.” Abdi reuwas, naon nu diomongkeun ku manéhna téh bener pisan. Abdi nginget-nginget deui masalah naon waé nu geus kaalaman lantaran ngudag duit ku cara nu teu jujur. Ahirna abdi mutuskeun rék barobah sarta teu gaul deui jeung babaturan nu baheula.
Nu nyieun abdi sadar téh waktu abdi, pamajikan, jeung dua budak abdi datang ka pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa. Abdi tajub ningali jalma-jalma di ditu mani soméah. Sanggeus kitu, abdi mulai diajar Alkitab.
Tadina abdi mikir, lamun boga loba duit, hirup téh pasti leuwih bagja
Abdi diajar ti Alkitab yén ”beuki kana duit téh sumberna sagala kajahatan, aya nu hatena ajur ku rupa-rupa aral”. (1 Timoteus 6:9, 10) Abdi geus ngarasakeun sorangan benerna ayat éta! Abdi ngarasa kaduhung kana kahirupan abdi baheula. Abdi kaduhung geus mawa kasusah keur kulawarga jeung diri sorangan. (Galata 6:7) Basa geus sadar mun Yéhuwa jeung Yésus téh nyaah ka abdi, abdi mulai ngarobah sipat-sipat goréng. Ayeuna abdi leuwih merhatikeun batur tibatan diri sorangan, sarta leuwih loba ngagunakeun waktu keur kulawarga.
MANGPAATNA KEUR ABDI
Abdi geus ngarasakeun benerna pituduh ti Alkitab nu nyebutkeun, ”Kana duit ulah nepi ka kaédanan, tarimakeun milik nu geus aya.” (Ibrani 13:5) Ayeuna pikiran jadi tengtrem jeung haté sanubari abdi bersih. Abdi teu pernah ngarasa sakieu bungahna. Perkawinan urang jadi kuat jeung kulawarga jadi leuwih raket.
Tadina abdi mikir, lamun boga loba duit, hirup téh pasti leuwih bagja. Tapi abdi geus ngarasakeun sorangan, hirup teu jujur jeung beuki kana duit téh ngan mawa loba kasusah. Sanajan ayeuna teu boga loba duit, abdi boga hal nu pangpentingna dina kahirupan—sosobatan jeung Allah Yéhuwa. Abdi bungah pisan bisa ngawula Yéhuwa bareng jeung kulawarga.